Harti jeung contoh tuturut munding
Pertanyaan
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Harti tina "tuturut munding" nyaeta nurutan batur bae, boh bener boh salah. Contoh kalimahna nyaeta saperti "Ari hirup teh kudu boga pamadegan anu tetep ulah sok tuturut munding bae". Tuturut munding kaasup kana babasan. Babasan teh nyaeta salahsahiji rupa tina pakeman basa.
Pembahasan
Babasan mangrupakeun pakeman basa anu kekecapanana jeung hartina geus maneuh. Babasan kekecapanana biasana pondok, biasana diwangun ku ngan dua kecap sarta miboga harti siloka (kiasan). Babasan umumna ngagambarkeun pasipatan jalma.
Sedengkeun ari paribasa mah nyaeta pakeman basa anu kekecapanana leuwih panjang tibatan babasan. Paribasa mah biasana miboga harti anu leuwih jero tibatan babasan. Eusi paribasa nyaeta saperti piwuruk atawa picontoeun atawa pieunteungeun. Kusabab kitu, tuturut munding mah disebutna babasan, lain paribasa.
Pelajari lebih lanjut
1. Arti dan contoh pakeman basa https://brainly.co.id/tugas/1262529
2. Contoh paribasa Sunda https://brainly.co.id/tugas/2370812
3. Perbedaan paribasa dan babasan dalam bahasa Sunda https://brainly.co.id/tugas/12436631
Detil Jawaban
Kelas : XI
Mapel : Bahasa Sunda - Bahasan Pakeman Basa
Bab : 5
Kode : 11.13.5
Kata Kunci : Tuturut munding, babasan, paribasa, pakeman basa